Posted by: doely | 4 April, 2008

Fitna

Posted by: doely | 4 April, 2008

Basa Sunda Di SMA

Diwajibkeunana palajaran Basa Sunda di tiap-tiap sakola hususna di SMA nu di Dépok dimana kuring ngajar teu kaasup gampang. Lantaran nu jadi muridna lolobana ti luar daérah Jawa Barat. Atuh cara ngajarkeunanan ogé béda jeung sakola nu séjénna. Ditambah guru basa Sundana hésé pisan ayana. Jadi nu ngajar basa Sunda di Kota Dépok lolobana lain guru basa Sunda asli, tapi guru widang lain nu ngabogaan suku Sunda, jeung bisa ngomong basa Sunda. Kitu ogé jeung kuring, lain kaluaran ti jurusan basa Sunda, ngan kuring asalna ti Tasik, ti palemburan nu jauhna ti kota Tasik 50 kilométer.

Jadi dina ngajarekeun basa Sunda di SMA ka murid nu lain orang Sunda, kawas urang ngajarkeun basa Sunda ka budak SD di tatar Sunda. Mimiti ti abjad vokal (+ é jeung eu, atawa bédana e jeung eu). Terus ngeunaan subyékna, kuring/saya/abdi, anjeun/manéh, urang jeung sajabana. Nya bisa disebut ti enol deui. Terus, buku nu aya ceuk kuring mah masih can ngadukung, lantaran basana kaluhuran, maksudna undak-usuk basana. Boro-boro dibéré basa lemes, basa kasar keus sapopoé masih kénéh ogé hésé.

Ahirna asa hiji pertanyaan nu masih ngaganjel dina haté kuring, naha masih kénéh wajib ayana basa Sunda di lingkungan sakola nu mayoritas muridna lain urang Sunda? Lamun masih wajib, kumaha nasib murid nu lain urang Sunda dina ngaraih SKM?

Categories

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.